Minggu, 02 Agustus 2015

Uga Wangsit Siliwangi



Prabu Siliwangi
 
Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!

Saur Prabu Siliwangi ka balad
Pajajaran anu milu mundur dina
sateuacana ngahiang,:  “Lalakon urang
ngan nepi ka poé ieu najan dia
kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi
ngaing henteu meunang mawa dia
pipilueun, ngilu hirup jadi
balangsak, ngilu rudin bari lapar.

Dia mudu marilih pikeun hirup ka
hareupna supaya engké jagana,
jembar senang sugih mukti, bisa
ngadegkeun deui Pajajaran! Lain
Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran
anu anyar, nu ngadegna
digeuingkeun ku obah jaman! Pilih!

Ngaing moal ngahalang-halang
sabab pikeun ngaing, hanteu pantes
jadi raja anu somah sakabéhna,
lapar baé jeung balangsak.”
Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu
jeung ngaing, geura misah ka beulah
kidul! Anu hayang balik deui ka
dayeuh nu ditinggalkeun, geura
misah ka beulah kalér! Anu dék
kumawula ka nu keur jaya, geura
misah ka beulah wétan! Anu moal
milu ka saha-saha, geura misah ka
beulah kulon!

Daréngékeun! Dia nu di beulah
wétan, masing nyaraho. Kajayaan
milu jeung dia! Nya turunan dia nu
engkéna bakal maréntah ka dulur
jeung ka batur. Tapi masing nyaraho,
arinyana bakal kamalinaan. Engkéna
bakal aya babalesna. Jig geura
narindak!

Dia nu di beulah kulon! Papay ku
dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna,
turunan dia jadi panggeuing ka
dulur jeung ka batur. Ka batur urut
salembur, ka dulur anu nyorang
saayunan ka sakabéh nu rancagé di
haténa. Engké jaga, mun tengah
peuting, ti Gunung Halimun kadéngé
sora tutunggulan, tah éta tandana,
saturunan dia disambat ku nu dék
kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina
talangké sabab talaga bakal bedah!
Jig geura narindak! Tapi ulah
ngalieuk ka tukang!

Dia nu marisah ka beulah kalér,
daréngékeun! Dayeuh ku dia moal
kasampak. Nu ka sampak ngan ukur
tegal baladaheun. Turunan dia
lolobana bakal jadi somah. Mun aya
nu jadi pangkat, tapi moal boga
kakawasaan. Arinyana engké jaga
bakal ka seundeuhan batur. Loba
batur ti nu anggang, tapi batur anu
nyusahkeun. Sing waspada!

Sakabéh turunan dia ku ngaing
bakal dilanglang. Tapi, ngan di
waktu anu perelu. Ngaing bakal
datang deui, nulungan nu barutuh,
mantuan anu sarusah, tapi ngan nu
hadé laku-lampahna. Mun ngaing
datang, moal kadeuleu. Mun ngaing
nyarita, moal kadéngé. Mémang
ngaing bakal datang. Tapi ngan ka
nu rancagé haténa, ka nu weruh di
semu anu saéstu, anu ngarti kana
wangi anu sajati, jeung nu surti
lantip pikirna, nu hadé laku
lampahna. Mun ngaing dating, teu
ngarupa teu nyawara, tapi méré céré
ku wawangi. Ti mimiti poé ieu,
Pajajaran leungit ti alam hirup.
Leungit dayeuhna, leungit nagarana.
Pajajaran moal ninggalkeun tapak,
jaba ti ngaran pikeun nu mapay.
Sabab bukti anu kari, bakal réa nu
malungkir! Tapi engké jaga bakal aya
nu nyoba-nyoba, supaya anu
laleungit kapanggih deui. Nya bisa,
ngan mapayna kudu maké amparan.
Tapi anu marapayna loba nu arieu-
aing pang pinterna. Mudu arédan
heula.

Engké bakal réa nu kapanggih,
sabagian-sabagian. Sabab kaburu
dilarang ku nu disebut Raja
Panyelang! Aya nu wani ngoréhan
terus terus, teu ngahiding ka
panglarang, ngoréhan bari ngalawan,
ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak
angon. Imahna di birit leuwi,
pantona batu satangtungeun,
kahieuman ku handeuleum,
karimbunan ku hanjuang. Ari
ngangonna? Lain kebo, lain embé,
lain méong, lain banténg, tapi
kalakay jeung tutunggul. Inyana
jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu
kapanggih. Sabagian disumputkeun
sabab acan wayah ngalalakonkeun.
Engke mun geus wayah jeung
mangsana, baris loba nu kabuka
jeung raréang ménta dilalakonkeun.
Tapi, mudu ngalaman loba lalakon,
anggeus nyorang: undur jaman
datang jaman, saban jaman mawa
lalakon. Lilana saban jaman, sarua
jeung waktuna nyukma, ngusumah
jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.
Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan
urang, jaradi rajana ngan bakal nepi
mangsa tanah bugel sisi Cibantaeun
dijieun kandang kebo dongkol. Tah
di dinya, sanagara bakal jadi
sampalan, sampalan kebo barulé nu
diangon ku jalma jangkung nu
tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-
raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel
bubuntut, turunan urang narik
waluku, ngan narikna henteu karasa
sabab murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk.
Laju turunan urang aya nu lilir, tapi
lilirna cara nu kara hudang tina
ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba
nu manggihna. Tapi loba nu pahili,
aya kabawa nu lain mudu diala!

Turunan urang loba nu hanteu
engeuh yén jaman ganti lalakon ! Ti
dinya gehger sanagara. Panto nutup
dibuburak ku nu ngaranteur pamuka
jalan, tapi jalan nu pasingsal!
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-
alun jadi suwung, kebo bulé
kalalabur. Laju sampalan nu
diranjah monyét! Turunan urang
ngareunah seuri, tapi seuri teu
anggeus, sabab kaburu warung béak
ku monyét, sawah béak ku monyét,
leuit béak ku monyét, kebon béak ku
monyét, sawah béak ku monyét,
cawéné rareuneuh ku monyét.
Sagala-gala diranjah ku monyét.
Turunan urang sieun ku nu niru-niru
monyét. Panarat dicekel ku monyet
bari diuk dina bubuntut. Walukuna
ditarik ku turunan urang keneh.
Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya,
turunan urang ngarep-ngarep pelak
jagong sabari nyanyahoanan maresék
caturangga. Hanteu arengeuh, yén
jaman geus ganti deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara
kalér ngaguruh ngagulugur, galudra
megarkeun endog. Génjlong
saamparan jagat! Ari di urang ?
Ramé ku nu mangpring. Pangpring
sabuluh-buluh gading. Monyét
ngumpul ting rumpuyuk. Laju
ngamuk turunan urang; ngamukna
teu jeung aturan. loba nu paraéh
teu boga dosa. Puguh musuh,
dijieun batur; puguh batur disebut
musuh. Ngadak-ngadak loba nu
pangkat nu maréntah cara nu édan,
nu bingung tambah baringung;
barudak satepak jaradi bapa. nu
ngaramuk tambah rosa; ngamukna
teu ngilik bulu. Nu barodas
dibuburak, nu harideung disieuh-
sieuh. Mani sahéng buana urang,
sabab nu ngaramuk, henteu beda
tina tawon, dipaléngpéng keuna
sayangna. Sanusa dijieun jagal.
Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu
nyapihna urang sabrang.

Laju ngadeg deui raja, asalna jalma
biasa. Tapi mémang titisan raja.
Titisan raja baheula jeung biangna
hiji putri pulo Dewata. da puguh
titisan raja; raja anyar hésé apes ku
rogahala! Ti harita, ganti deui
jaman. Ganti jaman ganti lakon!
Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong
bulan ti beurang, disusul kaliwatan
ku béntang caang ngagenclang. Di
urut nagara urang, ngadeg deui
karajaan. Karajaan di jeroeun
karajaan jeung rajana lain teureuh
Pajajaran.

Laju aya deui raja, tapi raja, raja
buta nu ngadegkeun lawang teu
beunang dibuka, nangtungkeun
panto teu beunang ditutup; nyieun
pancuran di tengah jalan, miara
heulang dina caringin, da raja buta!
Lain buta duruwiksa, tapi buta
henteu neuleu, buaya eujeung ajag,
ucing garong eujeung monyét
ngarowotan somah nu susah.
Sakalina aya nu wani ngageuing; nu
diporog mah lain satona, tapi jelema
anu ngélingan. Mingkin hareup
mingkin hareup, loba buta nu
baruta, naritah deui nyembah
berhala. Laju bubuntut salah nu
ngatur, panarat pabeulit dina
cacadan; da nu ngawalukuna lain
jalma tukang tani. Nya karuhan:
taraté hépé sawaréh, kembang kapas
hapa buahna; buah paré loba nu
teu asup kana aseupan Da
bonganan, nu ngebonna tukang
barohong; nu tanina ngan wungkul
jangji; nu palinter loba teuing, ngan
pinterna kabalinger.

Ti dinya datang budak janggotan.
Datangna sajamang hideung bari
nyorén kanéron butut,
ngageuingkeun nu keur sasar,
ngélingan nu keur paroho. Tapi
henteu diwararo! Da pinterna
kabalinger, hayang meunang
sorangan. Arinyana teu areungeuh,
langit anggeus semu beureum,
haseup ngebul tina pirunan. Boro-
boro dék ngawaro, malah budak nu
janggotan, ku arinyana ditéwak
diasupkeun ka pangbérokan. Laju
arinyana ngawut-ngawut dapur
batur, majarkeun néangan musuh;
padahal arinyana nyiar-nyiar
pimusuheun.

Sing waspada! Sabab engké
arinyana, bakal nyaram Pajajaran
didongéngkeun. Sabab sarieuneun
kanyahoan, saenyana arinyana anu
jadi gara-gara sagala jadi dangdarat.
Buta-buta nu baruta. Mingkin
hareup mingkin bedegong,
ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana
teu nyaraho, jaman manusa
dikawasaan ku sato!
Jayana buta-buta, hanteu pati lila;
tapi, bongan kacarida teuing
nyangsara ka somah anu pada
ngarep-ngarep caringin reuntas di
alun-alun. Buta bakal jaradi wadal,
wadal pamolahna sorangan. Iraha
mangsana? Engké, mun geus
témbong budak angon! Ti dinya loba
nu ribut, ti dapur laju salembur, ti
lembur jadi sanagara! Nu barodo
jaradi gélo marantuan nu garelut,
dikokolotan ku budak buncireung!
Matakna garelut? Marebutkeun
warisan. Nu hawek hayang loba. Nu
boga hak marénta bagianana. Ngan
nu aréling caricing. Arinyana mah
ngalalajoan. Tapi kabarérang.
Nu garelut laju rareureuh. Laju
kakara arengeuh. Kabéh gé taya nu
meunang bagian. Sabab warisan
sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel
gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu
garelut jadi kareueung, sarieuneun
ditempuhkeun leungitna nagara.
Laju naréangan budak angon nu
saungna di birit leuwi nu pantona
batu satangtung nu dihateup ku
handeuleum ditihangan ku
hanjuang. Naréanganana budak
tumbal. Sejana dék marénta tumbal.
Tapi, budak angon enggeus euweuh,
geus narindak babarengan jeung
budak anu janggotan. Geus mariang
pindah ngababakan, parindah ka
Lebak Cawéné!

Nu kasampak ngan kari gagak, keur
ngelak dina tutunggul. Daréngékeun!
Jaman bakal ganti deui, tapi engké
lamun Gunung Gedé anggeus bitu,
disusul ku tujuh gunung. Génjlong
deui sajajagat. Urang Sunda
disarambat. Urang Sunda
ngahampura. Hadé deui
sakabéhanana. Sanagara sahiji deui.
Nusa jaya, jaya deui sabab ngadeg
ratu adil. Ratu adil nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta
ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna
mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah
ngalieuk ka tukang!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar