Senin, 27 Juli 2015

Rajah Karuhun



Lain ngusik ulam mandi na ...
Lain ngahudang macan turun na ...
Lain ngungkit nu kamari ,
Lain ngungkab nu baheula ,
Rék ngaguar tutungkusan Karuhun ...

Amit ampun nya paralun ka Gusti nu Maha Agung (Alloh SWT)
Ka Nabi anu linuhung Muhammad anu jinunjung
Rahmat sapaat kasuhun Simkuring neda papayung ...

Kaluhur neda papayung, papayung nu Maha Agung
Kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa
Kalér kulon kidul wétan mugi diaping dijaring....

Tiluluhur ti Karuhun ti Buyut ti Nini Aki
Nu nurunkeun kabudayaan
Degung pantun tembang kawih
Ieu Abdi sadayana seja ngaraksa mupusti, seja ngaraksa mupusti ...

Amit kanu magku lembur, 
Kanu nyungsi dinu sepi, 
Nu keur geunah tumaninah,
Bisi kausik keur calik,
Kalangkah kaliliwatan nega agung nya haksami, kalangkah kaliliwatan neda agung nya haksami...

Amit ngahudang wayangkeun...

5 komentar: