Senin, 27 Juli 2015

Rajah Pamunah


Pun Sapun Kamaha Agung
Ka Gusti nu Welas Asih
Gusti pamuntangan beurang
Gusti pamuntangan peuting
Sajatining pati hurip
Sajatining kasucian

Pun Sapun Awignam Astu
Paralun ka Bundeur Awun
Ka Rumuhun ka Karuhun
Sunda Sembawa Wiwitan
Sunda Salaka Munggaran
Sunda Pakuan Angkeuhan

Pun Sapun ngala deuk ménta
Seja amit kami mipit
Ka sakumna lelembutan
Nu narindak teu narapak
Nu nyowara tan rupana
Muga hurip napsi-napsi

Pun sapun munday laratan
Seja nyungsi mangsa lawas
Haleuang jantréng Ki Pantun
Handeuleum sieum undereun
Hanjung Siang Petikeun
Nu ngahudang panasaran

Pun Sapun ngungkab mandepun
Saksi tulis daun nipah
Carita Parahyangan
Batu Tulis patilasan
Gurit tamaga lalayang
Tamperkeun saripatina

Pun Sapun Nyarungsum Galur
Siksakanda Karesian
Kacaangan kahibaran
Ku Pustaka Wangsakerta
Muga jembar nya panalar
Balumbang barangsiang

Pun Sapun.. Paralun !

5 komentar: