Senin, 27 Juli 2015

Rajah Pamungkas



Pun Sapun ka Maha Agung
Ka Gusti nu Maha Suci
Amit kami mungkas eusi
Carita Pamanahrasa
Rékaan mangsa kiwari
Laratan mangsa bihari

Pun Sapun ka Hyang Karuhun
Nu Langgeng di Kahyangan
Hampura mun salah larap
Hampura kagurit nami
Kami ngan seja narutus
Galantrang Jentréng Ki Pantun

Pun Sapun ka dulur-dulur
Nu Sarasa nu Sasukma
Pondokna montong disambung
Panjangna mulah ditingas
Joréna montong dipoyok
Alusna mulah dipuji

Pun Sapun ka dulur-dulur
Jembarna sa Nusantara
Taya maksud ngusik-ngusik
Macan turun singa depa
Lalakon ukur lalakon
Nu hayang dilalakonkeun

Pun Sapun...!
Ampun Paralun...!

2 komentar: